PAPARIKAN
JEUNG SISINDIRAN
- Paparikan
Paparikan
teh cabang tina sisindiran, nu ilahar wangunanana opat jajar
(padalisan), dua cangkangna, dua eusina. Saban padalisan engang -
engangna dalapan - dalapan, kajaba nu didangding nu disebut paparikan
dangding.
Kecapa
paparikan asalnan tina kecap parek, nu hartina deukeut, tuluy robah
jadi parik dirarangkenan pa - an. Jadi paparikan teh hartina
deudeukeutan. Nu dimaksud deudeukeutan didieu runtuyan kecapna atawa
sorana mun dilisankeun "padeukeut" atawa ampir sarua malah
sarua pisan.
Conto Paparikan:
Baju soeh
tatambalan
Kaput
gede jarumatna
Daek
soteh ngawulaan
Lamun
hade rumawatna
Bangbara dina bangbarung
Kulit
munding kahujanan
Sangsara
kuring di bandung
Gulang
guling ngan sorangan
Daun jarak dibeungkeutan
Dibawa
ka jalan gede
Hayangeun
dibawa hade
Hampelas raraga jati
Palataran
babalean
Ikhlas
raga sareng pati
Ngabelaan
kasaean
Ka kulah nyiar kapiting
Ngocok
lobak bobodasna
Ulah sok
liar ti peuting
Osok
loba gogodana
Tarikolot bojongkaso
Babakan
rea hayamna
Beuki
kolot beuki nyoso
Beuki
rea kahayangna
- Sisindiran
Sisindiran
nyaeta mangrupa karangan ka uger nu ngagunakeun rakitan basa di
baligirkeun. Sisindiran kabagi kana 3 bagian!
- paparikan
- rarakitan
- wawangsalan
Dina
paparikan asal kecap dina parik hartina deukeut mun rarakitan asal
kecap rakit harina rata/ papak
Paparikan
jeung rarakitan dina sapada diwangun ku 4 padalisan, 6 padalisan
jeung 8 padalisan. Paparikan jeung rarakitan oge ngabogaan cangkang
(padalisan ka I + II) sedengkeun ari eusi (padalisan 3+4). Paparikan
jeung rarakitan jumlah engang jeung sora pokalna padalisan ka I kudu
sarua jeung padalisan ke 3, sedengkan kadua (2) kudu sarua jeung
padalisan kaopat (4).
- Paparikan jeung rarakitan ngabogaan sifat anu sarua :
Silih asih
Piwuruk
Heureuy / Guguyon
Contoh
paparikan Basa Sunda :
Pucuk
kawung di Galungung
Pucuk kalapa di pentos
Saha nu di tiung sarung
Pantes diraksukan bodas
Pucuk kalapa di pentos
Saha nu di tiung sarung
Pantes diraksukan bodas
Contoh
Wawangsalan Basa Sunda
- Kembang bodas buah bunder, ngaheruk nya pipikiran (jeruk)
- Kadal gede saba darat, pareng alus bagja awak (bayawak)
- Hayam tukung saba gunung, uyuhan teuing nya diri (puyuh)
- Beas dibunan deui iraha atuh patepung (tipung)
- Gale di reka mesjid, nyapikir batin nu majug (tajug)
- Keuyeup gede saba laut, teu hae liar ti peuting (kapiting)
- Sarangenge bijil ti peuting, rek sabulan rek sataun (bulan)
- Abdi teh kapiring leutik, sok isin lamun patepung (pisin)
- Nya hujan taya eureuna, nya diri kalangkung agris (ngijih)
- Gagang gambang di sagara, ulah kapalang ngabela (kapal)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar